CARITA NYAMBUNG SUNDA

Nu Galécok dina Témbok (5)

foto

Ilustrasi/majalah manglé

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"HEUEUH bener. Jelema téh percayana, sieunna, ku jelema deui. Disangkana mahluk-mahluk séjén mah taya harti. Heueuh jelema nu ceuk ilaing salingkuh téa pangrasana téh aman wé caricing di jero kamar paduduaan téh teu éra- éraeun ku urang-urang. Teu saladar kana paningal Gusti nu teu aya hahalang!"

"Enya kitu pisan Deung! Alatan iman ka Gusti dimomorékeun, réa jelema nu lalampahanana siga urang, siga sato. Ari sabangsa urang mah aya pantesna rék kitu rék kieu gé da teu kauger aturan Gusti nyatana agama.

Urang-urang mah teu kagolongkeun mahluk mulya siga jelema. Nu matak di bangsa urang mah taya basa éra, euweuh kasieun, rék sapatemon jeung sasaha gé najan jeung indung atawa anak pisan moal aya matakna deuih.

Tapi jelema nu taya kaéra taya kasieun ku bebendon Gusti, ngalajur napsu ngumbar sahwat, rucah, tina laku teu eucreug kituna téh baris ngundeur kagoréngan. Keur dirina baris numpurkeun kamulyaan jeung bakal ngancurkeun turunanana. Nu pasti mah bakal jadi suluh naraka jaga di ahérat lamun teu buru-buru tobat!"

"Iy.....amit-amit sararieun," si Cakdeung ngabirigidig.

"Ku naon manéh Deung ngabirigidig kitu?"

"Éta sieun ngadéngé jelema doroka dijieun suluh naraka, tada teuing génghékna."

"Emh, mun jelema nu boga kasieun kitu téh meureun dunya aman."

"Enya kuduna mah uing jadi jelema."

"Si, nanaon téh. Ari jadi mahlluk ulah sok nampik kana takdir mungpang kana kadar, pamali. Mending hayu ah urang ngabuktikeun nu keur salingkuh téa. Tuturkeun uing!" si Cakdas ngajak sobatna, laju muru kamar nu di jerona aya dua insan lalaki jeung awéwé keur guley nyacapkeun kasono.

Sup dua cakcak cunihin téh ararasup ka jero kamar, tingkarayap dina tembok. Nu keur guley angger maceuh, silih tamplokkeun birahi asih asmara motah.

Si Cakdas jeung si Cakdeung silih pelong, gogodeg bari tingkalacrék. Lain kabita, da lain dunyana.

Tapi manglebarkeun ku paripolah dua insan nu teu sadar kana dirina yén paripolah rucah téh aya nu nyakséni, lain sakadang cakcak nu memang aya pantesna teu diharegaan ogé , tapi Gusti Alloh Nu Maha Ningali. (réngsé/ieu seratan parantos dimuat mangrupi carpon dina majalah Sunda Manglé no. 1981, ping 9 September 2004) **

Bagikan melalui
Berita Lainnya
Onyon Ngala Suluh
Si Onyon di Puskesmas