Carita ti Pad├ęsaan

Si Onyon di Puskesmas

foto

Ilustrasi jarum suntik./shutterstocks

DI Puskesmas jelema geus ngagarimbung, keur ngantri giliran karoris. Rupa-rupa mawa kasakit, ti salésma tepi ka nyeri huntu. Méméh kagiliran, aruplek ngobrol, rupa-rupa obrolan ditembrakkeun pangpangna nu aya patula-patalina jeung kasakit nu ngaganggu kana pacabakan sapopoé.

Kasadaran masyarakat padésaan kiwari kana harti kaséhatan, mémang teu nguciwakeun. Puguhanan keur naon pamaréntah ngayakeun puskesmas, ari rék diarantep mah.

Tapi teu ngandung harti sangkan masarakat garering, terus rabul ngaheurinan puskesmas. Nu dipiharep  tangtuna warga masarakat, hususna di pilemburan, jagjag waringkas ku ayana awak nu séhat!

"Teu kaduga maksakeun macul gé, da ieu cangkéng mani asa potong," ceuk Mang Uha bari mencétan cangkéngna.

"Hayang jajan cangkéng téh kawasna," pokna bari rada nyengir.

"Nyaéta panyakit téh jol datang wé teu keur ripuh ku kabutuh!" témbal Mang Adun, bari nyabakan pipina sabeulah, sihoréng keur nyeri huntu.

"Pan réa odol ayeuna mah Mang?" tanya Si Onyon rada ngaheureuyan, kanyeri duméh paranas tiris mah teu dirasa, abong resep ngagonjak batur.

"Wah odol ti mana patut Nyon, keur Emang mah teu kabedag. Ku bubuk talawéngkar wé, kitu gé mun daék!" témbal Mang Adun, majah téh teu kabedag meuli odol keur ngosok huntu.

"Nya pantes rék ngagugat gé tah waos téh!" Mang Uha ngéngklokan.

"Kituna mah enya, datangna séhat téh kudu dipulasara ku urang.  Saur Pa Camat kamari ieu ningan, masarakat séhat nagara kuat. Masarakat ririwit, nagara bisa werit, da teu kaur ngurus kasakit!" Mang Adun nembrakkeun pamanggih.

Sok  sanajan keur manéhna mah can bisa nerapkeun sakumaha mistina, bubuhan hirup tina buburuh. Ti poé ka poé téh awak teu weléh  dipaké kula-kuli.

"Enya kudu waspada téa cenah mah nya. Béjana di lembur batur mah kaserang malaria, demam berdarah, malah muntabér sagala. Matak sararieun puguh ogé," Mang Uha nambahan.

"Teu di lembur batur, Mang. Kuring sorangan ayeuna téh keur kaserang panyakit malaaa...rindu, héhéhé."

"Lain ilaing mah boga kasakit tapi gumbira waé Nyo?!" tanya Mang Adun.

"Gumbira sotéh saréatna da awak mah paranas tiris kieu. Muriang sigana mah. Kamari ieu huhujanan!" témbal Si Onyon.

"Pa Uha ti Cijambé!" ti jero kadéngé aya nu nyalukan. Mang Uha gancang cengkat, terus ka jero nyampeurkeun nu rék mariksa.

"Nyeri meureun nya Mang disuntik téh!" Si Onyon ngabaturan ngobrol Mang Adun.

"Nyéta Emang gé sok paur waé, padahal jeung kakadék mah mending disuntik. Tapi keukeuh sok horéam!" témbal Mang Adun bari teu weléh ngusapan pipina nu rada kembung, bareuh, sakapeung humarurung.

Teu kungsi lila, Mang Uha geus kaluar.

"Bedus téh kakara disuntik mani nyeri pisan!" pokna bari ngasupkeun pél kana saku baju.

"Nu bener Mang?" si Onyon hariweusweus.

"Daék beunghar, mun can jos mah moal tulus!" ceuk Mang Uha bari amitan.

Teu kungsi lila Mang Adun digentraan, teu talangké deui gura-giru muru nu nyalukan. Kari si Onyon sorangan, najan réa ogé nu séjén da teu warawuh, manéhna ukur hulang-huleng. Ras deui kana omongan Mang Uha, majah disuntik nyeri, aya pikir rék balik deui.

Barang rék sajungeun ngaléngkah seja balik deui, "Pa Onyon ti Ciburial mangga kalebet!" Puguh wé Si Onyon ngarengkog, rék terus balik geus dicalukan heug awéwé deuih nu nyalukanana téh.

"Apa boléh buntet," pikir si Onyon, kapaksa wé manéhna nyampeurkeun. Lebah lawang pasarandog jeung Mang Adun nu ngaharéwos.

"Bener Nyon nyeri pisan teu béda ditojos jarum layar!" puguh wé kasieun si Onyon beuki nambahan.

"Naon nu karasa téh?" dokter nu mariksa nanya ka si Onyon.

"Duka atuh, nu mawi nepangan gé hoyong terang naon kasakit abdi," ceuk si Onyon, bari awakna ngadégdég duméh nempo dokter nyokot jarum suntik jeung plés obat.

"Sok, urang jéksi!" ceuk dokter. Si Onyon muka kolor, terus nangkub dina bangku. Muriangna beuki kanceuh.

"Aduuuh...nyeriii...!" si Onyon ngagorowok.

"Nyeri ku naon?"

"Nyeri disuntik dokter," si Onyon kuram-kireum.

"Naha da can jos," ceuk dokter.

"Oh...teu acan? Manawi téh...," si Onyon kéom, awakna ngeleper. Ceuk pikirna, can jos geus nyeri komo mun geus jos. (Ieu seratan tos dimuat dina Harian Umum "Gala" edisi taun 1987 tur dibebenah deui sakudak-sakedik) **

Bagikan melalui
Berita Lainnya
Onyon Ngala Suluh