Carita ti Padésaan

Onyon Ngala Suluh

foto

Kaayaan lembur nu matak tingtrim./dok. cbn.com

"BAHEULA mah matak sieun ka leuweung téh Nyon, boroning asruk-asrukan sosoranganan, ka sisina ogé matak muringkak bulu punduk. Éta wé, ngaliwat wanci magrib ka sirah cai bet teu wani. Nu dipikasieun juntrungna tangkal kai gedé. Da éta cenah aya karuhun matuh!" ceuk Mang Udin ka si Onyon, nu harita rék ngarala suluh ka leuweung bubuhan réstan nu ti heula geus béak.

"Sanget cenah nya Mang, leuweung jaman baheula mah," témbal si Onyon.

"Ih puguh wé ...nu matak kakayon di pileuweungan téh tara digaranggu! Éta wé kecap pamali téh da éstu matak matih pisan. Na ari ayeuna, teu kalis dipamalian, barudak téh teu narurut!"

"Naon téa Mang pamali téh, lain salakina Bi Mali?" tanya si Onyon bari ngahéhéh.

"Baku ilaing mah ari geus ngaheureuyan téh, teuing nanahaon Emang gé teu nyaho hartina mah. Ngan nu jéntré , mun kolot baheula nyarék barudak sok diimplik-implikan pamali! Jeung matih deuih!"

"Ku barudak ayeuna mah sok diléléwéan ning Mang, pajah téh pamali mah paman diali cenah."

"Enya, teu ngahargaan kana pituah kolot barudak ayeuna mah. Nu matak loba nu kawalat ogé!"

"Kawalat kumaha Mang?"

"Bisa jadi Nyon!"

Jongjon laleumpang bari ngobrol teu karasa Mang Udin jeung si Oyon geus anjog ka pileuweungan. Ngarasa capé, gék dariuk heula nyarandé na tangkal kai gedé, itung-itung ngareureuhkeun kacapé.

Kusiwel Mang Udin ngaluarkeun ududeun, kayaning bako tampang jeung daun kawung. Cekés ngahurungkeun gasolin, nyeungeut roko, nyot dikenyot bangun nimateun pisan. Serebung haseupna, mokaha reungit leuweung tingharieng nyingkah!

"Resep geus kieuna wé di leuweung téh Nyon, Emang mah. Hanjakal wé, sakeudeung deui mah kaséréd ku pilembureun. Tuda jelema  ngaréaan, parabaneun beuki nambahan, ari lahan kahirupan beuki heurin!"

"Na sieun-sieun teuing Mang, da urang téh boga Pangéran. Kumaha engké wé buktina!" si Onyon méré pamadegan.

"Enya kitu téa mah Nyon, tapi pan manusa wajib usaha kaasup usaha mulasara alam, saperti leuweung, ulah gagabah nuar tangkal kai sahayuna, mana komo hutan lindung mah sabab ditangtayungan ku hukum, mun kapanggih ngarumpak silaing bisa dihukum alias dibérok cik daék ta henteu?"

"Haaar...na kuring sok nuaran tangkal kai ti leuweung kitu?" si Onyon nyeuneu.

"Ih, lamun ieu mah. Lamun téa pan jauh ti enya!"

"Oh kitu nyah? Ih geuning geus beurang yeuh Mang. Yu ah urang ngala suluh téa. Tuh Mang aya tangkal jati mani lempeng kitu, urang tuar yu! Emang butuh timpléng lin?"

"Can gé garing biwir  déwék ngomong, geus ngajak teu uni silaing mah Nyon!"

"Ih, kuring mah lamun, ceuk tadi gé lamun Emang daék, teu daék mah nya sawios atuh..."

Wanci srangéngé manceran, Mang Udin jeung si Onyon ngaharegak manggul suluh, kitu wé beungkeutan pangpung nu geus ragragan. Dipirig kawih manuk, badarat mapay jalan satapak, karasa pisan hirup di padésaan téh matak tingtrim turta betah. (Ieu seratan kantos dimuat dina Harian Umum G A L A,
édisi Rabu 30 Nopember 1988, kalayan sakudak-sakedik diropéa deui) **

Bagikan melalui
Berita Lainnya
Ngalanja Sawah (3)
Si Udung Tutung (1)
Naha Enya Usaha Halal Leuwih Hésé Batan Nu Haram? (1)
Ki Arnasim (3)
Naha Enya Usaha Halal Leuwih Hésé Batan nu Haram? (2)