KOLOM SUNDA

Ngadu Buku keur Ngaronjatkeun Ajén Ngadu Bako (6)

  • Sabtu, 30 Oktober 2021 | 17:44 WIB
foto

Ilustrasi./pixabay.com/ist.

Tina Catetan Lawas Féndy Sy. Citrawarga

ATUH cenah bisi di imahna budak téh euweuh bacaeun, bekelan ti sakola buku séjén salian ti pangajaran, pan di sakola téh aya pabukon lin?

Kaparigelan maca téa dilengkepan ku kaparigelan nulis nya éta nuliskeun naon-naon nu geus dibacana. Teu kudu loba-loba, saalinéa dua alinéa gé cukup da nu pentingna mah aya aktivitas maca jeung nulis téa.

Éta pangajaran bisa asup kana golongan mulok, sugan, kawas pangajaran anyar ngeunaan PLH (Pendidikan Lingkungan Hidup) najan ari pangajaran maca jeung nulis/ngarang nu saéstuna mah geus aya dina basa Indonésia gé.

Sikep "maksa" ti sakola kawas kitu, tangtu gedé mangpaatna. Sahenteuna barudak téh geus didawamkeun resep maca jeung nulis/ngarang ti bubudak. Najan barudak henteu nuluykeun sakola ka tingkat luhur gé, karep nyiar élmu ku cara nikreuh ngeureuyeuh sorangan (otodidak) ngaliwatan maca mah ulah nepi ka kateug.

Ulah ieu mah abong teu nuluykeun sakola, kaluar ti SD, SMP, jeung SMU téh lung buku lung saragam, bari jigrah, "Bébas euy!" Cul wé kana diajar mah da ngadutun ngala duit.

Geus wancina masarakat urang ngaronjatkeun ajén ngadu bako ku pangdeudeul ngadu buku. Ngadu bako ulah sakadar ngawangkong bari ngalohong. Mun téa mah kabiasaan ngadu bako téa hésé dipiceunna da puguh aya bagéan-bagéan nu gedé manggpaatna saperti manjangkeun budaya silianjangan, riung mungpulung bongkok ngaronyok, uyub ilubiung gaul jeung papada jalma, angot jeung kulawarga, dulur, baraya, katut tatangga nu cenah di kota mah sikep kitu téh geus kalindih ku sikep individualistis jeung egois, hirup aing-aingan.

Ku cara kitu, ngadu bako téh jadi munel da dideudeul ku élmu pangaweruh nu jembar ladang muka buku atawa maca téa.

Keun lalakon ngadu bako nu ukur ngawangkong tamba saré soré-soré mah catetan lawas kahirupan kolot-kolot urang baheula di pilemburan mangsa alam can barobah .

Anak incu generasi panerus urang ayeuna mah sina gedé wawanén ngadu buku ngadu élmu, boh jeung padabaturna boh jeung sélér atawa bangsa séjén sangkan maju dina sagala widang.

Piraku teu peurih disebut urang Sunda ukur bisa sumuhun dawuh, mangga ti payun, jeung teu langkung nu dibendo. Kalah kumaha waé ogé apan éta téh gambaran goréng nandakeun taya guam jeung kuméok méméh dipacok.

Éta sesebutan téh ulah nepi ka barudak urang mah, sakali deui maranéhna mah kudu subur ku élmu, sugih ku pangarti, cindekna mah generasi nu masagi.

Ningan para inohong nu gedé wawanén baheula gé bisa tandang makalangan téh teu lakar ngasong-ngasong ajén sékésélérna, ngagugulung luhung turunan, cara karepna alam féodal baheula, tapi ku nyakola dina harti nu jembar.

Pan saur sepuh gé, élmu tungtut dunya siar, téangan élmu tina daluang (buku) jeung papada urang (tina gaul kawas ngadu bako téa). Prung, ah! (Réngsé)
-----------
- Ieu seratan tos midang dina Majalah "SUNDA MIDANG" No. 44, Juni 2008, kalayan dileler pangajén minangka kolom pinilih tur kasinugrahan pangdeudeul artos ti salasawios inohong Sunda. **

Bagikan melalui
Berita Lainnya