PÉPÉLING

Hikmah Nyebarkeun Salam (2)

foto

Ilustrasi./dok./net./ist.

Anapon hakékat salam téh taya lian nyaéta dunga saurang muslim ka dulurna malar meunang karaharjaan, barokah, tur rohmat ti Alloh. Hiji dunga anu kacida dipikabutuhna ku urang saréréa. Munasabah mun hal ieu kaasup kana hak papada muslim.

Kaasup Ibadah

Ngucapkeun atawa nyebarkeun salam téh kaasup ibadah anu ucapanana tos ditangtukeun ku Alloh sareng RosulNa. Cindekna mah ucapan salam téh teu meunang diganti, dikurangan, atawa ditambahan, tina aturan anu geus ditangtukeun ku agama.

Ucapan (kalimah) salam nu diajarkeun ku Islam dumasar kana hadis ti Abu Dawud, Tirmidzi, jeung Bukhari aya tilu rupa nyaéta:

1. Assalaamu' alaikum, 2. Assalaamu 'alaikum warahmatullah, 3. Assalaamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakatuh.

Iraha urang kudu ngucapkeun atawa nyebarkeun salam? Taya lian unggal urang amprok jeung papada muslim, boh dina riungan atawa di jalan pasampangan. Geus puguh deui ari urang rék asup ka imah mah.

Sok sanajan ngucapkeun salam téh nilik kana hukumna mah sunah, tapi kaasup sunah muakad nu kacida ditekenkeunana ku agama. Parandéné kitu ari ngajawabna mah kaasup wajib. Jadi, lamun aya nu uluk salam téh wajib dijawab, mun henteu nya dosa téa.

Mun muslim mumul ngucapkeun salam, numutkeun dawuhan Nabi kaasup jelema korét:

"Salemah-lemahna manusa nyaéta manusa anu lemah (mumul) ngadunga ka Alloh jeung sakorét-korétna manusa nyaéta anu korét ngucapkeun salam." (Hadis riwayat Thabrani jeung Baihaqi). (hanca) **

Bagikan melalui
Berita Lainnya