PÉPÉLING

Hikmah Nyebarkeun Salam (3)

foto

Ilustrasi./dok./net./ist.

ASA piraku urang salaku muslim nepi ka kudu korét ngucapkeun salam mah nya? Mudah-mudahan henteu kitu najan katempona budaya deungeun pangpangna di kota éstuning mangaruhan kana tata pergaulan masarakat nepi ka nyebarkeun salam gé kalan-kalan sok aya basa "géngsi", "sok alim" majar téh.

Mun hal éta mangaruhan ka kaom muslim tinangtu cicirén "akhlaqulkarimah" baris musnah sabab nyebarkeun salam téh kaasup 'izzah atawa harga diri.

Hartina, salaku muslim urang kudu némbongkeun harga diri di hareupeun umat séjénna, ulah sabalikna kabiasaan deungeun diugung-ugung.

Pentingna nyebarkeun salam, hikmahna baris mawa kana kasalematan jeung ngajungjung harga diri, sakumaha dina hadis diterangkeun:

"Sebarkeun salam, tangtu aranjeun bakal salamet." (HR Bukhori). "Sebarkeun salam sangkan aranjeun nanjung." (HR Thabrani).

Anapon nyebarkeun salam sangkan salamet, di sagédéngeun kedal lisan tur gugon kana katangtosan agama, nya tangtosna ogé kedah disarengan ku paripolah nu ngagambarkeun ahlak nu mulya, ahlak karimah, nu pamustunganana mawa kana kasalematan téa.

Taya hartina ngedalkeun salam mun sakadar keur kedok. Upamana api-api jadi jalama soléh ngadon nyémah ngarah dipiandel, ari pék ngadon nipu, ngagerejud banda batur. Tah kiwari mah réa kajadian nyieun kedok ku asalaamu'alikum. Siga kitu téh. Nu kitu patut mah lain nyebarkeun salam kasalematan tapi ngaliarkeun kacilakaan jeung dosa.

Atuh kantenan salam nu disebarkeun ku para mubalég dina caramah, pangaosan, majelis ta'lim sareng saniskarana, éta mah mutlak kedah nungtun kana kasalematanana téh. Ulah dugi ka aya kajantenan dawah dipitimbeyan ku nyebarkeun salam, tapi eusi caramahna matak nimbulkeun papaséaan atanapi mumusuhan.

Leres kedah ngadugikeun nu hak sanaos pait téa mah nanging carana kedah leuleus jeujeur liat tali, caina hérang laukna beunang. Dawah bilhikmah téa numutkeun papagon Al Quran mah. (réngsé) **

Bagikan melalui
Berita Lainnya